Wednesday, May 26, 2010

Kumpulan Sajak Sajak Sunda | AYEUNA MANGSANA


AYEUNA MANGSANA
Kis. Ws.

nyeri peurih
nyeueung keretas ngagebar
daptar kalaparan
nu ditulis
ku cipanon

waruga manusa
begang-regeng
tingkorondang
dipirig ku lengisna
budak yatim
umat nagara merdika !

eta leungeun deungeun
ngaragamang
rek maksa-pirusa
nyontang Irian
tempat cendrawasih midang

kanca ! sageuy rek dengdeng
reheng pagetreng
silih herengan
atawa basilat
ngeduk hak rayat

tur anjeun nyaksi
yen bangsa jeung nagara
kiwari
jeroning sangsara
jeung bahla
bosen ngagorowok
sing gulung-golong
sabilulungan
tapi mun teu kiwari
rek iraha deui ???


Tina Kanjutkundang


Anda sedang membaca kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul Kumpulan Sajak Sajak Sunda | AYEUNA MANGSANA dan anda bisa menemukan kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul Kumpulan Sajak Sajak Sunda | AYEUNA MANGSANA ini dengan url http://kumpulankaryapuisi.blogspot.com/2010/05/sajak-sunda-ayeuna-mangsana.html,anda juga bisa meng-click kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul Kumpulan Sajak Sajak Sunda | AYEUNA MANGSANA Tetapi dilarang merubah isi maupun mengganti nama penyair/pengarang nya karena bertentangan dengan HAKI, semoga anda ter-inspirasi dengan karya Kumpulan Sajak Sajak Sunda | AYEUNA MANGSANA salam Karya Puisi

0 komentar:

Post a Comment

 

kumpulan karya Puisi | Copyright 2010 - 2016 Kumpulan Karya Puisi |