Wednesday, June 23, 2010

SAJAK BAHASA SUNDA | HIJI DUNYA


HIJI DUNYA
Etti R.S.

Kuring hayang cicing di hiji dunya
dina kasatiaan laut jeung katiginan langit;
nu surti nampa cinyusu jeung kolomberan,
nu ayem kasaput mega jeung reueuk
antara ombak rohaka jeung hiliwir angin
saestuna aya geter angen-angen
ari mega hideung jeung gumilang bentang
tepung dina ringkang jeung kahayang

Kuring hayang cicing di hiji dunya
dina kaihlasan tur kaasih bumi;
nu nebarkeun sugrining binih tutuwuhan,
nu sadrah nadah sarwaning tapak
antara kuring jeung tutuwuhan
saestuna ukur nganti kaasih Pangeran
antara kuring jeung pirang-pirang tapak
tepung 'na pirang-pirang talajak

Kuring hayang cicing di hiji dunya
nu ngagumulungkeun bentang, ombak, jeung tapak
kuring hayang cicing di hiji dunya
samemeh nohonan panggupay Anjeunna

Bandung Kaler, Oktober 1999

Anda sedang membaca kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul SAJAK BAHASA SUNDA | HIJI DUNYA dan anda bisa menemukan kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul SAJAK BAHASA SUNDA | HIJI DUNYA ini dengan url http://kumpulankaryapuisi.blogspot.com/2010/06/sajak-sunda-hiji-dunya.html,anda juga bisa meng-click kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul SAJAK BAHASA SUNDA | HIJI DUNYA Tetapi dilarang merubah isi maupun mengganti nama penyair/pengarang nya karena bertentangan dengan HAKI, semoga anda ter-inspirasi dengan karya SAJAK BAHASA SUNDA | HIJI DUNYA salam Karya Puisi

0 komentar:

Post a Comment

 

kumpulan karya Puisi | Copyright 2010 - 2016 Kumpulan Karya Puisi |